Bahasa lain

Pertanyaan

Tulislah contoh guguritan bahasa sunda tentang liburan

1 Jawaban

  • Liburan ka Bandung

    Dina waktos pere atanapi liburan taun anyar anu kamari simkuring sakulawargi mios ka Bandung. Simkuring sakulawargi miosna ka Bandung teh sadinten saatosna simkuring nampi rapot ti sakola. Waktos di Bandung saleresna mah simkuring teh teu patos seueur pipiosan ka mana-mana, mung miosna teh paling oge ka Trans Studio Mall (TSM), Paris van Java (PVJ), Dusun Bambu, sareng ka bumina pun bibi di Cijerah, sareng ka bumina pun paman di Gegerkalong.

    Tempat anu paling sering didongkapan ku simkuring mah mung TSM, margi TSM teh paling caket pisan ti rorompok mah. Dina kaping 31 Desember, simkuring sakulawargi mios ka bumina pun ua di Buah batu, ngempel sareng wargi-wargi anu sanesna kanggo ngarayakeun wengi taun anyar. Simkuring miosna ti rorompok di Cicadas teh kinten-kinten tabuh setengah lima sonten, margi kasieunan ku macet dijalan, sangkian abdi teh muhun leres pisan, sajajalan macet di mana-mana. Simkuring dongkap ka bumi pun ua teh pas pisan dina waktos adzan maghrib.

    Kinten-kinten tabuh dalapan wengi, acara teh dikawitan ku meuleum sate maranggi, sate katuangan khas Cianjur, sareng beuleum ketan nu nuangna teh dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng merecon tos ngawitan rame tingburinyay sareng tingbeledar di langit, endah pisan katingalna. Kaleresan bumi pun ua teh di sisi sawah, janten kota Bandung jelas pisan katingalina. Anu janten puncakna, dina pas tabuh dua belas, kembang api ti ditu ti dieu harurung, tingburinyay, nyaangan langit kota Bandung anu lenglang. Nembe ba'da netepan subuh, simkuring sakulawargi wangsul ka Cicadas.

Pertanyaan Lainnya